Kamis, 19 Februari 2015

CONTO SISINDIRAN 1. Rarakitan a. Silih asih Conto : Mihapé sisir jeung minyak, Kadé kaanloman leungeun, Mihapé pikir jeung niat Kadé kaangsonan dengeun.. b. Piwuruk Conto : Lamun dayang dahar noga, Kudu daék nya meulina. Lamun haying asup sorga, Kudu getol nya sholatna. c. Sésébréd Conto : Aya budak mawa casan, Ngan hanjakal teu dibeli. Aya budak gelis pisan, Ngan hanjakal tara mandi. 2. Paparikan a. Silih asih Conto : Leuleupeutan leuleumeungan, ngarah kékéjoanana. Deudeukeutan reureujeungan, ngarah téténjoanana. b. Piwuruk Conto : Hayang pisan geura dahar, Ngan taya réncang sanguna. Hayang pisan jadi beunghar, Ngan kudu getol usahana. c. Sésébréd Conto : Cau naon cau naon, Cau kulutuk di juru. Bau naon bau naon, Bau hitut nu di juru. 3. Wawangsalan Conto : -méga beureum surupna geus burit, ngalanglayung panas pipikiran. (layung) -cikur jangkung jahé konéng, naha teu palay tepung. (panglay) -sim abdi mah ngabeunying leutik, ari ras cimataan. (amis mata) -gedong tengah laut, ulah kapalang nyabéla. (kapal) -paripaos gunting pameulahan gambir, kacipta salamina. (kacip)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar